Senin, 25 Juli 2011

SASAKALA DESA CIKADU


            Waktos kapungkur, dina danget harita, dihiji tempat hirup sesepuh anu namina Abah Kiyai Mukhoyim, anu linggih di salah sahiji tempat anu katelah blok Cimenut. Anjena teh salaku guru agama Islam, seeur pisan santri-santri anu ku anjeuna di ajar ngenaan elmu-elmu ka islaman. Jumlah eta santri mani aya nepi ka lewih ti saratus..
            Abah Kiyai Mukhoyim ngagaduhan hiji tangkal kadu, anu di pelak di Pereng. Kapungkurmah Pereng teh nyaeta leweung geledegan. Tangkal kadu eta tos lami tara aya kaduan.
            Dina hiji mangsa, kersaning kakawasaan manten-Na tangkal kadu teh aya kaduan. Nanging mung hiji-hijina, eta kadu teh mani aneh pisan, ku sabab ukurannana teu sarua jiga ukuran kadu biasana. Ti danget harita, Abah Kiyai Mukhoyim marentahkeun ka para santrina kanggo ngajaga eta tangkal kadu. Nya santri-santri eta teh ngalaksanakeun tugas pamundut ti Abah Kiyai. Aya santri anu kabagian giliran isuk nepi ka sore, ti sore nepi ka peuting, ti peuting nepi ka isuk deui. Kitu jeung kitu wae santri teh ngajaga eta tangkal kadu.
            Hiji mangsa eta kadu teh geus katempo asak (koneng), nanging teu di sangka-sangka poe harita keneh oge kersaning kakawasaan manten-Na datang hujan anu kacida gedena, anu ngakibatkeun caah dina walungan nu aya di Pereng. Para santri anu keur nungguan tangkal kadu mani reuwas, teras maranehna balubar.
Saenggeus hujan teh raat para santri datang deui ka tempat anu biasa. Nanging waktos maranehna dugi ka tempat eta, para santri teh kacida reuwasna bari ting olohok ninggali eta kadu tos teu aya. Mereun eta kadu teh kabawa palid ku caah. Para santri buru-buru ngabejaan kajadian anu tadi kaalaman ka Abah Kiyai Mukhoyim.
            Abah Kiyai Mukhoyim langsung marentahkeun ka para santri kanggo  neangan eta kadu. Pinuh ku rasa tanggung jawab para santri teh nareangan eta kadu, nepi akhirna eta kadu katimu. Nanging eta kadu satacan ditimukeun ku santri, parantos aya nu nimukeun ku warga satempat. Teras  para santri teh dongkap deui ka Abah Kiyai Mukhoyim ngawartosan yen eta kadu teh tos kapendak ku warga lembur. Buru-buru Abah Kiyai Mukhoyim ngadongkapan eta jalmi anu nimukeun eta kadu.
            Pondok carita santos ngayakeun riungan, anu akhirna ngahasilkeun hiji kaputusan yen kadu teh rek di beulah babarengan anu hasilna dibagi dua. Warga lembur teh satuju mani surak (Seah). Janten lembur eta teh di ngaranan Gara Seah, anu ayeuna katelah Desa Kadugede.
            Waktos eta kadu teh di beulah. Abah Kiyai Mukhoyim jeung warga satempat mani ngajenghok, ningali eusi kadu, sabab mung aya 6 siki.
            Janten riwayat Cikadu teh nyaeta : Ci tina kata Cai jeung Kadu tina kata Kadu. Eusi anu 6 siki tea, nyirikeun 6 blok nu aya di Cikadu. Diantarana, blok dayeuh anu aya di desa, blok tarikolot, blok cileweung, blok nagog, blok cimenut, jeung blok babakan.






Tidak ada komentar:

Posting Komentar